Tugas Bahasa Sunda
Disusun oleh :
Nada
Syifa Fajria
Novita
Rizky Ayu
Widia Hamidah
Kelas : IX-J
Smp Negeri 5 Cimahi
Si Pucuk Kalumpang
Tema
: Pikasediheun
Tokoh
:
Ki Waruga, Ambu Waruga, Si Jelug
(Hayam), Nini Paraji, Si Pucuk Kalumpang, Raja, Patih
Panokohan
:
-
Ki Waruga : gurat
batu, hese dibejaan.
-
Ambu Waruga : babari
ceurik, bageur, geulis.
-
Nini Paraji : sok
nulungan batur, bageur, pinter.
-
Si Pucuk Kalumpang :
geulis, polos, bageur.
-
Raja : bageur,
someah.
-
Si Jelug : rakus,
tiasa nyarios, sok ngadu domba.
-
Patih : sok
babarengan sareng raja, bageur.
Galur
:
Mundur, Maju.
Latar
waktu :
Pagi, beurang, sore, peuting.
Latar
tempat :
Di tengah leuweung, di imah, di
kerajaan.
Amanat :
- Lamun
misalna gaduh budak, kuduna mah diurus lain dibunuh.
-
Lamun
hoyong dibageuran kubatur, kudu bageur kasasaha.
-
Kedah
jadi jalmi anu tanggung jawab.
-
Kedah
saling nulungan kasasaha oge.
- Kedah
patuh ka orang tua.
resume :
Si Pucuk Kalumpang
Pada
jaman baheula, aya hiji kerajaan anu teu gede-gede teuing. Ari kahirupan
rahayatna mah rereana tina tani. Aya hiji patani anu ngaranna Ki Waruga nu boga
imah teu gede-gede teuing. Ki Waruga sok ngagarap tanah, bubuara ka dayeuh, nyiar pagawean pikeun nambah-nambah panghasilan. Ki Waruga
sok ngadu hayam jeung anu resep di aduna teh nyaeta si Jelug-Si hayam kasayangan-.
Ki
Waruga gaduh istri nu namina Ambu Waruga nu keur hamil bulan alaeun. Ki Waruga
gaduh amanat ka istrina mun gaduh budak lalaki kudu diasuh, ngan lamun budakna awewe
kudu dibunuh jeung dicacag keur parab si Jelug. Da soalna ceunah bakal ngariweuhkeun kahirupan Ki
Waruga.
Hiji
poe keur usum paceklik, Ki Waruga indit ka dayeuh bade neangan pagawean. Isukna
beuteung ambu waruga karasa lamun si jabang teh gugurinjalan siga nuhayang kaluar. kabeuneuran
Nini Paraji ka hareup imah Ambu Waruga. Nini Paraji teh nulungan Ambu Waruga anu
bade ngalahirkeun. Saeunggeus ngalahirkeun kabeneran budak na awewe anu
geulis. Ambu Waruga cirambay kaingetan amanat salakina amun budakna awewe kudu
di bunuh, pas bingung kudu kumaha, tah Nini Paraji gaduh ide lamun budakna
diurus ku Nini Paraji teras anu dicacagna nyaeta tali ari-ari jeung bali-na.
Si
orokna di bere ngaran Pucuk Kalumpang teras di bawa ka leuweung sabab imah Nini Paraji aya di leuweung. Si Pucuk Kalumpang di timang-timang ku Nini Paraji, dipikanyaah nepi ka gede.
Ki
Waruga uih ti dayeuh. Pas nepi ka imah, Ki Waruga ningal beuteung Ambu Waruga
anu tos kempes. Ki Waruga teh nanya ka istrina, "Ari orokna lalaki atawa awewe?" Ambu waruga teh ngabohong lamun anakna teh
tos dicacag teras dibikeun ka si Jelug.
Ki Waruga indit ka kandang si Jelug, tah si Jelug ngomong lamun manehna teu acan
ngadahar orok. Ki Waruga ambek, teras nitah Ambu Waruga neang
anakna tea nu tos dipiceun ka leuweung. Ambu Waruga teh indit we ka Leuweung
keur neangan si Pucuk Kalumpang, tapi ngan diuk di batu keur mikiran anakna.
Sababaraha
kali Ambu waruga tos indit kaleuweung keur diuk di batu keur nenangkeun hatena, tah lamun poe tos sore Ambu waruga mulang ka imahna. Ki Waruga poe ka poe bedog
asaheun keur nyacag si anakna teh beuki seueur, teras bedog anu tos diasah teh
sok diasah deui nepi ka seukeut pisan.
Hiji
poe, Ambu waruga indit ka leuweung lain keur diuk di batu tapi indit ka imah
Nini Paraji tea, da soalna Ki Waruga tos ambeuk pisan. Ambu Waruga ngajak balik si Pucuk Kalumpang ka imah da bapana tos balik mawa gengge, gelang, kongkorong, gengge tuur
keur Si Pucuk Kalumpang tea.
Tos
sababaraha poe si Pucuk kalumpang nolak ajakan indungna. Soalna Pucuk Kalumpang teh bade nyieun sarung dina kapas anu ditenun sorangan. Hiji poe, Pucuk Kalumpang daeukeun dibawa balik ku indungna, sabab sarung jieunannana teh tos anggeus.
Pas
nepi di imah, Pucuk Kalumpang ku bapana langsung dititah naek ka taraje anu
tincakeunnana teh tina bedog asaheun tea. Si pucuk kalumpang teh langsung nurut
kana titaheun Ki Waruga. Mimitina dampal sukuna potong,
teras tuurna, cangkeungna, dadana, teras sirahna. Teras, daging si Pucuk
Kalumpang didaharan ku si Jelug. Tulang si Pucuk Kalumpang dikumpulkeun ku Ambu
Waruga teras dikuburkeun di tengah leuweung.
Kacaturkeun
aya hiji Raja anu sok ngimpi tepung jeung hiji putri nu kacida geulis na. Hiji
poe, Raja jeung Patih na angkat ka leuweung bade moro sato. Kanjeung Patih nitih kuda bodas, kanjeung Raja
nitih kuda dawuk meles. Teras aya uncal nu ranggah tanduk na ngaliwat, teras
lumpat. Kanjeung Raja jeung kanjeung Patih teh nuturkeun eta uncal. Sanajan
tanduk na ranggah tapi eta uncal teh taninggas pisan, teras uncal eta teh
leungit.
Tos
lila neangan, eta uncal teh masih keneh teu kapanggih. Raja jeung Patih teh
calik di batu, teras ninggali kuburan anu anyar keneh. Langsung dibongkar eta
kuburan teh, dijerona aya sarung anu isina tulang-tulang Si Pucuk Kalumpang.
Aya
manuk nu nitah Raja ceunah hirupan eta Putri Geulis teh. Kanjeung Raja langsung
nitah Patih keur ngahirupkeun eta tulang teh. Mimiti tulang-tulang bubuk teh
jadi tulang asli, jadi hiji rorongkong anu aya kulitan jeung dagingan. Patih teh
langsung mapatkeun jampe deui, eta jasad teh jadi jelema anu hirup sapenuhna. Si
Raja ngomong lamun eta jelema teh anu sok di impikeun ku raja. Si Pucuk
Kalumpang di titah nyarita kunaon beut bisa jadi bubuk
tulang. Sanggeus ngadenge carita Pucuk Kalumpang, Raja sedih teras ngawinan
si Pucuk Kalumpang.
Kanjeung
Raja ngadakeun pesta tujuh dinten tujuh wengi. Nyi Pucuk Kalumpang dipikaasih
ku Raja. Ambu Waruga jeung Nini Paraji diangkir ka nagara. Ai Ki Waruga mah
dibere hukuman nu kacida beuratna. Si Jelug mah di cacag tuluy diaurkeun ka
laut.
Ti
harita Nyi Pucuk Kalumpang hirup bagja jadi prameswari kangjeung Raja, ngariung jeung
indung-indungna—Ambu
Waruga jeung Nini Paraji nu nyaaheun ka manehna.
Komentar
Posting Komentar
Makasih banyak udah dibaca sampai beres, aku jadi malu WKWKWKWK